Sumber : http://catranagara.blogspot.com/2009/12/naskah-sewaka-darma-complver.html
Dina hasanah Naskah Kuna Tatar Sunda, dipikawanoh hiji naskah nu disebat SEWAKA DARMA atawa AMANAT GALUNGGUNG atawa NASKAH CIBURUY (di wewengkon Garut) kalayan kode Kropak No. 632. Naskah ieu ditulis abad ka-15 dina 7 lembar daun nipah nganggo aksara Sunda. Naskah ieu mangrupa nasihat ngeunaan étika sarta budi pekerti Sunda, anu ditepikeun Rakyan Darmasiksa, Raja Sunda ka-25, Pangawasa Galunggung, ka putrana Ragasuci (Sang Lumahing Taman).