Sekilas BogorSambutanPariwisataDPRDInvestasiPelayananForumPartnership
Advertisement
Advertisement
Advertisement
Advertisement
Advertisement
Advertisement
Advertisement
Member





Lupa Password?
Belum punya Username & Password? Daftar Baru!
      # Ramadhan 1431 H Marhaban Yaa Ramadhan. Walikota Bogor Beserta Seluruh Karyawan Pemerintah Daerah Kota Bogor Mengucapkan Selamat Menjalankan Ibadah Puasa Ramadhan 1431 H.           #OSS Gunakan Software Legal atau Pilih Open Source Software           # INGAT Bayarlah Pajak Tepat Waktu. Ketepatan Anda Membayar Pajak, Menentukan Kelancaran Pembangunan     
Advertisement

Seni Tari Sunda Jaipongan
Jumat, 13 November 2009
Sumber:Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda.

Jaipong Jaipongan nyaeta hiji wanda seni tari nu lahir tina kreativitas seniman asal Bandung, Gugum Gumbira. Perhatiannana kana kasenian rahayat nu salasahijina nyaeta ketuk tilu nyababkeun anjeunna wanoh bener-bener kana perbendaharan pola-pola gerak tari tradisi nu aya dina kiliningan/bajidoran atawa ketuk tilu.
 
Gerak-gerak bukaan, pencugan, nibakeun jeung sababaraha ragem gerak mincid tina sababaraha kasenian di luhur cukup miboga inspirasi keur ngamekarkeun tari atawa kasenian nu kiwari dipikawanoh minangka jaipongan. Kiwari jaipongan sering dipake keur hiburan dina acara kawinan jeung sunatan, utamana di daerah Subang jeung Karawang.

Sajarah

Samemeh wangun seni pertunjukan ieu mucunghul, aya sababaraha pangaruh nu ngasangtukangan wangun tari pergaulan ieu. Di Jawa Barat misalna, tari pergaulan mangrupakeun pangaruh tina Ball Room, nu biasana dina pintonan tari-tari pergaulan teu leupas tina ayana ronggéng jeung pamogoran. Ronggéng dina tari pergaulan henteu ukur fungsi keur kagiatan upacara, tapi keur hiburan atawa cara gaul. Ayana ronggeng dina seni pintonan mibanad daya tarik nu ngondang simpati kaum pamogoran. Misalna dina tari Ketuk Tilu nu kacida dipikawanohna ku masarakat Sunda, diperkirakeun kasenian ieu kasohor sakitar taun 1916. Minangka seni pintonan rahayat, kasenian ieu ukur dirojong ku unsur-unsur basajan, saperti waditra nu ngawengku rebab, kendang, dua siki kulanter, tilu siki ketuk, jeung goong. Pon nya kitu deui gerak-gerak tarina nu henteu mibanda pola gerak nu baku, kostum penari nu basajan minangka lambang karahayatan.

Marengan mudarna jenis kasenian di luhur, urut pamogoran (panongton nu aktif aktif dina seni pintonan Ketuk Tilu/Dogér/Tayub) pindah perhatiannana kana seni pintonan Kiliningan, nu aya di daerah basisir kaler Jawa Barat (Karawang, Bekasi, Purwakarta, Indramayu, jeung Subang) katelah Kiliningan Bajidoran nu pola tarina jeung pintonannana mibanda sasaruaan jeung kasenian samemehna (Ketuk Tilu/Dogér/Tayub). Ayana tarian dina Topeng Banjet cukup dipikaresep, hususna di Karawang, nu sababaraha pola gerak bajidoran dicokot tina tarian dina Topeng Banjet ieu. Sacara koreografis tarian ieu masih mintonkeun pola-pola tradisi (Ketuk Tilu) nu ngandung unsur gerak-gerak bukaan, pencugan, nibakeun jeung sababaraha ragem gerak mincid nu jadi dasar ciptana tari Jaipongan. Sababaraha gerak-gerak dasar tari Jaipongan lian ti Ketuk Tilu, Ibing Bajidor sarta Topeng Banjet nyaeta Tayuban jeung Pencak Silat.

Mucunghulna tarian karya Gugum Gumbira awalna disebut Ketuk Tilu kamekaran, nu memang sabab dasar tarian eta mangrupakeun kamekaran tina Ketuk Tilu. Karya munggaran Gugum Gumbira kacida kentelna keneh ku kelir ibing Ketuk Tilu, boh tina segi koreografi atawa iringannana, nu satuluyna tarian ieu jadi populer kalayan sebutan Jaipongan.

Kamekaran

Karya jaipongan munggaran nu dipikawanoh ku masarakat nyaeta tari "Daun Pulus Késér Bojong" jeung "Réndéng Bojong" nu duanana mangrupakeun jenis tari awewe jeung tari papasangan (lalaki jeung awewe). Tina tarian ieu mucunghul sababaraha ngaran penari jaipongan nu parigel saperti Tati Saleh, Yeti Mamat, Eli Somali, jeung Pepen Dedi Kurniadi. Awal mucunghulna ibing ieu kungsi jadi wangkongan, nu isu sentralna nyaeta gerakan nu erotis tur vulgar. Tapi ku ayana ekspos sababaraha media citak, ngaran Gugum Gumbira mulai dipikawanoh ku masarakat, komo deui sanggeus tari Jaipongan dina taun 1980 dipintonkeun dina TVRI stasion puseur Jakarta. Balukar tina kasohoran ieu nyaeta beuki ningkatna, boh di media televisi, hajatan atawa kariaan nu diayakeun ku swasta jeung pamarentah.

Hadirna Jaipongan mikeun kontribusi anu cukup badag ka para seniman tari pikeun leuwih aktip deui ngadongkar jenis tarian rahayat anu saméméhna kurang perhatian. Tari Jaipongan dimangpaatkeun ku para seniman tari pikeun ngayakeun kursus-kursus tari Jaipongan, dimangpaatkeun ogé ku pangusaha pub-pub peuting pikeun metot sémah, di mana perkembangan kasempetan usaha sarupa kieu dijieun ku para seniman tari minangka usaha pemberdayaan ékonomi ngaliwatan ngaran Sanggar Tari atawa grup-grup di sawatara wewengkon di Jawa Kulon, contona di Subang jeung Jaipongan gaya "kaléran" (kalér).

Ciri Jaipongan gaya kaléran, nyaéta marahmay, érotis, humoris, pinuh sumanget, spontan, sarta basajan (alami, naon ayana). Hal éta kaeunteung dina pola tari dina pintonanana, aya anu dibéré pola (Ibing Pola) kawas dina seni Jaipongan anu aya di Bandung, ogé aya ogé tarian anu henteu dipola (Ibing Saka), contona dina seni Jaipongan Subang sarta Karawang. Istilah ieu bisa dipanggihan dina Jaipongan gaya kaléran, utamana di wewengkon Subang. Dina pintonanana, Jaipongan gaya kaléran ieu nyaéta: 1) Tatalu; 2) Kembang Gadung; 3) Buah Kawung Gopar; 4) Tari Bubuka (Ibing Pola), biasana dipintonkeun ku penari tunggal atawa Sinden Tatandakan (saurang sinden tapi henteu bisa ngawih nanging ngalagu sinden/juru kawih); 5) Jeblokan sarta Jabanan, mangrupa bagian pintonan sabot para panongton (bajidor) sawér duit (jabanan) bari salam témpél. Istilah jeblokan diartikeun minangka pasangan anu tumetep antara sinden sarta panongton (bajidor).

Perkembangan saterusna tari Jaipongan lumangsung dina taun 1980-1990-an, nalika Gugum Gumbira nyiptakeun tari séjénna kawas Toka-toka, Sétra Sari, Sonteng, Pencug, Kuntul Mangut, Iring-iring Daun Puring, Rawayan sarta tari Kawung Anten. Tina tarian-tarian kasebut mecenghul sawatara penari Jaipongan anu jago contona Iceu Effendi, Yumiati Teuneung, Miming Mintarsih, Nani, Erna, Mira Tejaningrum, Ine Dinar, Ega, Nuni, Cepy, Agah, Aa Suryabrata sarta Asep.

Kiwari tari Jaipongan kaci disebut salah sahiji idéntitas kesenian Jawa Kulon, hal ieu kasampak dina sawatara acara-acara penting anu patali jeung sémah ti nagara deungeun anu datang ka Jawa Kulon, mangka dipapag ku pintonan tari Jaipongan. Kitu ogé nalika aya misi-misi kasenian ka manca nagara sok dilengkepan ku tari Jaipongan. Tari Jaipongan réa mangaruhan kasenian-kasenian balaréa séjén anu aya di Jawa Kulon, boh dina seni pintonan wayang, degung, genjring/terbangan, kacapi jaipong, sarta ampir kabéh pintonan rahayat boh dina musik dangdut modern anu dikolaborasikeun jeung Jaipong jadi kasenian Pong-dut. Jaipongan anu dimimitian ku Mr. Nur & Leni.

Sumber rujukan

    * Wikipedia Basa Indonesia
    * Ganjar Kurnia. 2003. Deskripsi kesenian Jawa Barat. Dinas Kebudayaan & Pariwisata Jawa Barat, Bandung.

 
< Sebelumnya   Selanjutnya >
Dinas Pendidikan, Pemuda dan Olahraga Perusahaan Daerah Air Minum Perusahaan Daerah Transportasi Badan Pelayanan Perijinan Terpadu Kantor Arsip dan Perpustakaan Daerah
Ulama Banten Ngadunya
Syeikh Nawawi Al-Bantani nu kasohor disebat Sayyidu Ulama Hijaz (Pamingpin Ulama di daerah Hijaz (Saudi Arabia) nyaeta urang Indonesia nu lahir di Banten sareng turunan ti Maharaja Tatar Sunda Prabu Siliwangi. Anjeuna seueur nyeepkeun waktosna kanggo ngajar sareng ngarang kitab dina widang tafsir, hadits, nahu, sharaf jst 
 
Ampir sadaya ulama Indonesia murid anjeuna malihan aya murid-muridna nu janten tokoh Nasional. Sanawis janten guru kanggo ulama Indonesia anjeuna oge guru kanggo ulama di Singapura, Malaysia, Fatani (Thaland), jazirah Arab, jst Kitab-kitab karangan anjeuna dugi ka ayeuna seueur janten bahan literature pengajian ku Lembaga Pendidikan Islam di nagara sanes, contona di Universitas Al Azhar Kairo Mesir.
Baca selengkapnya...
 
Agenda Walikota
.
Kegiatan Hari Ini
Briefing Staf
September 7, 2010 (08:00)
(Agenda Walikota) Walikota
Briefing Staf
Tempat: Ruang Rapat III Balaikota

Menghadiri Acara Tausyiah
September 7, 2010 (05:45)
(Agenda Walikota) Wakil Walikota
Menghadiri Acara Tausyiah Pemberian Sembako Murah Secara Simbolis Untuk 700 Orang Dhuafa
( Yayasan Manasik Hati)
Tempat: Pesantren Mirna \\\'90
Jl. Cibereum No. 47 Mulyahaja Bogor Selatan


Sahur Bersama
September 7, 2010 (03:00)
(Agenda Walikota) Walikota
Sahur Bersama Dilanjutkan Dengan Sholat Subuh Dan PengaJian Rutin Mingguan
Tempat: Mesjid At-Taqwa

Menghadiri Acara Pelantikan, Serah Terima dan Lepas Sambut Kepala LPP RRI Bogor dab Buka Puasa Bersama
September 6, 2010 (16:00)
(Agenda Walikota) Wakil Walikota
(Pakaian : Bebas Rapih)
Menghadiri Acara Pelantikan, Serah Terima dan Lepas Sambut Kepala LPP RRI Bogor dab Buka Puasa Bersama
Tempat : LPP RRI Bogor
Jl. Pangrango No.34 Bogor

Audiensi dengan CIDES Institute
September 6, 2010 (10:00)
(Agenda Walikota) Wakil Walikota
Ka. BKPP
Ka. Disdikpora
Audiensi dengan CIDES Institute
Tempat : Ruang Wakil Walikota

Santunan Kepada Anak Yatim & Dhuafa
September 6, 2010 (10:00)
(Agenda Walikota) Walikota
Ka. Bagian Kemasyarakatan
Santunan Kepada Anak Yatim & Dhuafa
(90 Yatim dan 200 Fakir Miskin)
Tempat : Majlis Talim Istiqomah
(Belakang Masjid At-Taqwa Kedung Halang Bogor)

Membuka Bazaar Ramadhan Bersama UKM
September 6, 2010 (09:00)
(Agenda Walikota) Wail Walikota
Membuka Bazaar Ramadhan Bersama UKM
(Loena Management)
Tempat : Plaza Balaikota

Dialog Interaktif dengan YLKI
September 6, 2010 (06:00)
(Agenda Walikota) Wakil Walikota
Ka. Disperindagkop
Dialog Interaktif dengan YLKI
Tempat : Radio Sipatahunan

Silaturahmi dengan Pengurus DPC PDI-P sekaligus Penyerahan Bingkisan Lebaran
September 5, 2010 (19:00)
(Agenda Walikota) Sekda
Silaturahmi dengan Pengurus DPC PDI-P sekaligus Penyerahan Bingkisan Lebaran Kepada Kader DPC PDI-P dan Tokoh Masyarakat
Tempat : Sekretariat DPC PDI-P Kota Bogor
Jl. A. Yani 2 No.4 Bogor

Buka Puasa Bersama Pengurus DPD Golkar Kota Bogor
September 5, 2010 (17:00)
(Agenda Walikota) Walikota
Buka Puasa Bersama Pengurus DPD Golkar Kota Bogor
Tempat : Jl. Bitung II No.2 Haur Jaya Bogor

Mengisi Kultum dan Buka Puasa Bersama Anak Yatim
September 5, 2010 (16:00)
(Agenda Walikota) Wakil Walikota
Mengisi Kultum dan Buka Puasa Bersama Anak Yatim
Berbagi KAsih untuk Anak Yatim Oleh Keisha, dkk dengan Hit Single Emang Betul
(Allure Esthetic and Helath Clinic)
Tempat : Allure Esthetic and Helath Clinic
Jl. Jalak Harupat No.19 Bogor

Menghadiri Acara Bagi-bagi Rejeki Berdagang dengan Hati
September 5, 2010 (15:30)
(Agenda Walikota) Walikota
Menghadiri Acara Bagi-bagi Rejeki Berdagang dengan Hati
Ngabuburit dengan Seribu Pengasong
(Jurnal Bogor)
Tempat : Gedung Kemuning Gading

Bazar dan Santunan Yayasan Insan Mandiri
September 5, 2010 (09:00)
(Agenda Walikota) Wakil Walikota
Bazar dan Santunan Yayasan Insan Mandiri
Tempat : Curug Mekar Rt.02 / 04 Kel. Curug Mekar

Buka Puasa Bersama Anak-anak Yatim dan Komunitas HRY CENTER
September 4, 2010 (17:30)
(Agenda Walikota) Camat Bogor Tengah
Buka Puasa Bersama Anak-anak Yatim dan Komunitas HRY CENTER
Tempat : Restoran Orbit
Jl. Sudirman 48 Kota Bogor

Buka Puasa Bersama Badan Pengurus Yayasan Ibnu Hadjar dan DPC PPP Kota Bogor
September 4, 2010 (17:30)
(Agenda Walikota) Walikota
Ka. Dinas Pendidikan
Kabag Humas
Buka Puasa Bersama Badan Pengurus Yayasan Ibnu Hadjar dan DPC PPP Kota Bogor
Tempat : Aula Gedung Yayasan Ibnu Hadjar
Jl. Veteran no. 46 Bogor

Tampilkan Jadwal Kegiatan