|
Syeikh Nawawi Al-Bantani nu kasohor disebat Sayyidu Ulama Hijaz (Pamingpin Ulama di daerah Hijaz (Saudi Arabia) nyaeta urang Indonesia nu lahir di Banten sareng turunan ti Maharaja Tatar Sunda Prabu Siliwangi. Anjeuna seueur nyeepkeun waktosna kanggo ngajar sareng ngarang kitab dina widang tafsir, hadits, nahu, sharaf jst Ampir sadaya ulama Indonesia murid anjeuna malihan aya murid-muridna nu janten tokoh Nasional. Sanawis janten guru kanggo ulama Indonesia anjeuna oge guru kanggo ulama di Singapura, Malaysia, Fatani (Thaland), jazirah Arab, jst Kitab-kitab karangan anjeuna dugi ka ayeuna seueur janten bahan literature pengajian ku Lembaga Pendidikan Islam di nagara sanes, contona di Universitas Al Azhar Kairo Mesir.
|
|
Baca selengkapnya...
|